Entri Masyhur

Senin, 19 September 2011

 Bubukaning Warti

السلام عليكم ورحمة الله وبركاته
Dina mangsa mega nyimbutan badan sakujur, haleungheum ceudeum semu rek pareum pamor kasantrian sinareng ka  ‘ulam’an, sing karelip sing karetip, sieun teuing beuki lami tambih alit dumugika les ngaleungit, duka raraosan atanapi kanyataan, da buktosna bet asa kasapih ku patebih  Ukur deukeut pipir padahal pajauh fikir”. Anu janten marga lantaran duka pedah ka oyagkeun ku anginna politik, baroga maksud jeung tujuan sewang-sewangan anu angotna asa tos teu sauyunan.

  Ibarat meuntas lautan, ombakna susuruwukan angina gegelebugan anu tumpak dina parahu geus pasti kagunjang-ganjing rek anu moyeg sumawona anu cicing kabeh kabawa rungsing. Ku hal eta nya’  rempugan anu kasebat santri Assa'adah di sesepuhan ku pangersa Ajengan ti ASSA’ADAH (K.H.R. AMIN MUHYIDDIN) sinareng H.R. DIDIN UMAR ZEIN pikeun ngawangsulkeun para santriyyin kana pancen pokona ”Ngabeungkeut Silaturrahmi anu erat ngarah deukeut sangkan geugeut, silih asah silih asuh anu akhirna jadi pangbalikan sararea anu linduh tur iyuh”  ririungan sasasih sakali tiap malem ahad kadua di aula pasantren ASSA'ADAH anu di judulan “BAHTSUL MASAA’ILIL FIQHIYYAH” (ngabahas masalah-masalah fiqih). Anu di palar malah mandar aya guna kalih kamanfa’atanana kanggo kulawarga jeung balarea

     Dina ieu kasempetan simkuring maksad ngempelkeun hasil obrolan anu di sawalakeun mangrupi katangtosan hukum-hukum fiqih anu dikaitkeun kana masalah anu tumiba di masyarakat ayeuna, dasar hukum anu dianggo patokan tina Kitab-Kitab masyhur Syafi’iyyah, sok sanaos kadang diluar Kitab Syaf’i'iyyah dikapayunkeun ananging ngan sakadar wawasan ka ilmuan wungkul. Pungkas basa Sim kuring anu mangun catur tinangtos seu’eur alfa sinareng khilaf dina ngapayunkeunana, deudeul pangrojong kalintang pisan diantosna ....!!!                                            

والسلام عليكم ورحمة الله وبركاته

                                                                    

Tidak ada komentar:

Posting Komentar